Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Innalhamdalillah nahmaduhu wanasta'inuhu wanastaghfiruh wana'udzubillahi min syururi anfusina, wamin sayyiaati a’maalinaa, mayyahdihillahu falaa mudhilla lah, wamayyudhlil falaa haadiya lah. Asyhadu alla ilaaha illallah wahdahu laa syarika lah, wa asyhadu anna muhammadan ’abduhu warosuuluh. Allahumma shalli wasallim wabarik ’ala sayyidina muhammadin wa ’ala alihi washahbihi ajma’in. amma ba’du.
Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka Allah SWT, anu parantos maparin kasempetan ka urang sadaya tiasa patepung lawung, paamprok jonghok dina raraga paturay tineung kelas XII SMKS PK Nurussalam Salopa. Sholawat sinareng salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Bapak Kepala Sakola anu ku simkuring dipihormat, Ketua yayasan anu kusimkuring dipikahormat, bapak/ibu guru anu ku simkuring dipikacinta, sarta réngréngan réncang-réncang saangkatan, hususna angkatan ka-12, anu ku simkuring dipideudeuh. Dinten ieu, langit Salopa bangun anu milu nyaksian. Aya rasa anu hésé digambarkeun ku basa. Antara bungah sabab urang lulus, tapi ogé sedih sabab urang kudu papisah.
Réncang-réncang sadaya...
Cobi emut deui tilu taun ka tukang. Nalika urang mimiti nincak di ieu sakola kalayan pinuh ku kabingung jeung harepan. Di dieu, di Nurussalam, urang diajar lain saukur téori, tapi diajar hartina hirup. Emut kénéh nalika urang babarengan bajoang di lab DKV? Kumaha lieurna urang nalika nyanghareupan software rendering anu sok not responding, kumaha ripuhna urang nalika néangan sudut pandang kaméra anu pas nalika praktek fotografi, atawa nalika urang kudu bagadang nyieun desain nepi ka panon beyé "...Harita urang sok ngarasula, urang sok hoyong énggal-énggal lulus. Tapi ayeuna, nalika waktu éta sumping, naha haté bet beurat? Lain ngan saukur di DKV, duka kumaha barudak TBSM anu biasa jibreg ku oli, barudak Tata Boga anu biasa panas-panasan di dapur, sarta barudak ATPH anu akrab jeung taneuh di lahan... urang sadaya gaduh carita perjuangan séwang-séwangan di ieu sakola."
Bapak sareng Ibu Guru...
Mimitina simkuring tepang kadie rek ngamalkeun Hadis riwayat Ibnu Majah Tholabul Ilmi Paridatun Ala Qulli Muslimin wal muslimah tepang kadieu teu lain hoyong pisan kenging elmu ti paraguru sadayana, hoyong pisan terang anu ku abi teu terang, tiasa ngabedakeun mana anu sae sareng anu awon, tapi sateacan eta,,tiap pun guru sok ngadedehkeun tentang hiji perkara yaeta akhlak.
Ibu bapak guru sadayana...
Hampura simkuring saparakanca. Mindeng pisan simkuring sadaya ngajantenkeun Bapak sareng Ibu kesel. Mindeng pisan simkuring sadaya badeur, hésé dititah, atawa telat ngumpulkeun tugas. Nanging, kasabaran Bapak sareng Ibu guru téh mangrupa cai anu niiskeun panasna otak simkuring sadaya. Tanpa bimbingan Bapak sareng Ibu, simkuring saparakanca moal tiasa janten jalma anu gaduh visi sapertos ayeuna. Ému anu dipaparinkeun bakal janten obor anu nyaangan jalan simkuring sadaya di luar masa depan.
Sakedap deui, gerbang SMKS PK Nurussalam bakal aya di tukangeun urang. Urang moal deui ngadangu sora banyol di kantin, moal aya deui sora nu seuri di koridor, moal aya deui momen-momen "nyolong" waktu istirahat pikeun ulin bareng. Urang bakal leumpang dina jalan séwang-séwangan. Aya nu neraskeun kuliah, aya nu langsung damel, aya ogé nu fokus ngawangun karir dina dunya kreatif. Tapi simkuring nitip pesen: Tong hilap ka bumi tempat urang diajar. Tong hilap ka babaturan anu kantos babarengan ngalaman peurihna bajoang.
Pikeun adek-adek kelas, titip ieu sakola. Jaga ngaran saé Nurussalam Salopa. Teruskeun sumanget kréativitas, sabab dunya di luar sana peryogi karya-karya urang.
Pamungkas, simkuring salaku wawakil kelas XII, neda pidu’ana ti sadayana. Mugia léngkah simkuring saparakanca di luar sana dibarengan ku ridho Allah SWT. Pileuleuyan, pileuleuyan... sapu nyéré pegat simpay. Paturay lain hartina poho, perpisahan ieu ukur jarak anu misahkeun raga, tapi haté urang tetep ngahiji dina hiji carita: Sakola di Nurussalam.
Hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.